tos lami...
tos lami tara nyarios basa sunda anu leres...
saprak tos teu sarorompok deui sareng ibu bapa, nya kitu nyarios sunda teh janten teu pararuguh tea geuning. tah ieu ge ayeuna teu terang tata basa na teh leres atanapi henteu?
i dont know way...hahay diselipan basa inggeris geuning...
aya ge nyarios sunda sareng rerencangan nu sami sami ti bandung. da eta ge basa sunda sadidinten. basa sunda nu teu ngangge undak usuk basa. seueurna teh basa sunda nu teu puguh. bade lemes tapi na ge da henteu, bade kasar ge tapi na ge da maenya... ah pokona mah teu pararuguh lah. jaba deui upami nyarios sareng ibu bapa di telepon teh geuning ayeuna mah asa kararagok kitu pami bade ngangge sunda teh. da sieun lepat picarioseunna. nyaeta dina tata basa na. da kedahna mah tos terang nu saleresna. ari basa di bandung keneh mah masih di maklum ari nyariosna teu leres ge da abege keneh. ari ayeuna mah asa isiiiinn upami teu leres teh.
lami lami janten kapikiran yeuh...
kahoyong mah 'les' basa sunda...jigana resep pisan tah. ngan kumaha?? ari ayeunan hirup d balikpapan. les basa sunda kasaha didieu?hahaha
gaduh tatanggi di cimahi teh aya saurang anu guru basa sunda. hanjakal sungguh hanjakal. di cimahi cu.... maenya les jarak jauh kitu nya?hauhau...
handeueul masa sakola teu serius diajar undak usuk basa sunda...
eniwan eniwan?
aya nu tiasa ngajarkeun simkuring ieu basa sunda anu tarapti?
